:

Tangis Yermia 2

1

Ku bendu-benduna Pangeran, Sion dirungkup ku poek. Kaendahanana anu lir sawarga, sina lebur burakrakan. Ku bendu-benduna Pangeran, Bait-Na ge nepi ka teu ditolih.

2

Tiap desa di Yuda ku Pangeran dibasmi taya kawatir. Benteng-benteng papayung nagrina dirubuh-rubuhkeun. Karajaanana katut para kawasana, diragragkeun jadi hina.

3

Sajeroning benduna, Pangeran ngancurkeun kakuatan Israil. Waktu musuh datang, urang menta tulung ku Mantenna teu didangu. Kawas seuneu anu ngamuk, Mantenna ngancurkeun sagala rupa.

4

Mantenna saperti musuh, ka urang mentang-mentangkeun jamparing-Na. Jalma-jalma nu matak resep jeung bungah, ku Mantenna dipaehan kabeh. Di dieu di Yerusalem, urang ngarasa panas bebendu-Na.

5

Kawas musuh bae, Pangeran ngagempur Israil. Benteng-benteng jeung karaton-karatonna dijadikeun ruruntuhan. Urang Yuda disina sangsara sapapanjangna.

6

Bait Allah, tempat Mantenna dibakti, eta ge diburak-barik, poe-poe suci jeung poe Sabat dieureunkeun. Raja jeung imam-imam katibanan bebendu-Na.

7

Pangeran nolak altar-Na, ngantunkeun Bait-Na nu suci, ngidinan musuh ngancurkeun tembok-tembokna. Di tempat urang babakti, musuh nyurakkeun kaunggulanana.

8

PANGERAN enggeus mutus yen tembok-tembok Sion kudu rugrug. Memang ku Mantenna geus diukur supaya rugrug sama sakali. Munara-munarana, kuta-kutana, ayeuna kari ruruntuhanana.

9

Lawang-lawang gapura kaurugan ruruntuhan, tulak-tulak papalangna parotong. Raja jeung para bangsawan ayeuna araya di pangbuangan. Hukum Musa teu diwulangkeun deui, nabi-nabi geus tara meunang ilham ti PANGERAN.

10

Urang Yerusalem nu geus karolot, tinghareruk alandiprek dina taneuh, sirahna dilebuan, awakna marake baju karung. Mojang-mojang ngaheluk tarungkul kana taneuh.

11

Panon kuring carindul balas ceurik, batin ngenes ngangres. Beak-beak nya nalangsa, ningal dulur-dulur tumpur. Barudak leutik jeung orok kapaehan di jalan-jalan kota.

12

Careurik ema-emaan, kalaparan jeung kahalabhaban. Tingkudupruk di jalan-jalan kawas ku raheut, lalaunan paraeh dina lahunan indungna.

13

Duh Yerusalem, Yerusalem kadeudeuh! Naon nu kudu diucapkeun ku kuring? Kumaha petana ngalilipur anjeun? Da can aya anu sangsarana cara anjeun mah. Kacilakaan anjeun taya watesna saperti lautan, lain tulunganeun deui.

14

Anu ku nabi-nabi diomongkeun ka anjeun teh tipu jeung bohong. Maranehna tara tara nyebutkeun yen anjeun dosa, nepi ka anjeun boga pikiran teu perlu tobat.

15

Sakur anu laliwat ka dieu, nenjona ka anjeun pinuh ku panghina, ngagodegkeun sirah bari nyeungseurikeun ruruntuhan Yerusalem, "Kutan ieu kota nu endah kaagulan sadunya teh?"

16

Musuh-musuh ka anjeun maroyok bari merong bangun ijid, biwirna tingjarebi ngahina, "Geus ancur tah ku urang! Nya ieu poe anu diarep-arep ku urang teh!"

17

PANGERAN geus ngabuktikeun ancamana-Na: Ngabasmi urang taya kawatir, sakumaha ancamana-Na bareto. Musuh urang disina unggul, sina atoheun nenjo urang rubuh.

18

Duh Yerusalem, kuta-kuta anjeun sina sasambat ka Pangeran. Kocorkeun cipanon beurang peuting kawas walungan, ceurik terus tong eureun-eureun nepi ka cape.

19

Sapeupeuting hees lilir deui, lilir deui, sasambat ka Allah. Ucutkeun eusi hate, menta sangkan Mantenna watir ka anak-anak anjeun, anu sakarat di juru-juru jalan lantaran kalaparan.

20

Duh PANGERAN, tingali ieu kenging Gusti nyasaak! Para indung dugi ka tega ngahakan anak anu tuman dititimang. Imam-imam, nabi-nabi, diparaehan di jero Bait Gusti pisan.

21

Kolot, ngora, tinglalonjor sajajalan. Jajaka-jajaka, mojang-mojang, ngababatang beunang nyabetan ku pedang, ku Gusti dipeuncitan taya kawelas, sajeroning Gusti bendu.

22

Musuh-musuh abdi ku Gusti diondang sina pesta kakejeman sakurilingeun abdi. Dina dintenan Gusti bendu, abdi-abdi taya anu bisa luput. Pun anak sadaya, buah ati kembang rasa, tumpes tumpur diparaehan ku musuh.

Link: